Full width home advertisement

Travelling

Sajak Sunda

Post Page Advertisement [Top]


Sabtu, ping 5 Pébruari 2012

Kuring, Tika Andrianti (tika), Cindy Claresta (cici), Nia Khaoliah (nia), jeung Hafidz Mukhlisin (hafiz) geus jangjian rék panggih di sakola SMA. Jangjianana ti jam 11an. Nanging, Kuring teu bisa tepat waktu datang ka sakolanana sabab aya gempungan jeung latian keur engké pagelaran di kampus. Kuring geus méré nyaho heula ka Tika yén kuring bakal elat datang kadituna.


"Tika, abi mah datangna jam 12an nya teu nanaon ? da acan bérés latianana." kuring ngetik sms na hapé.
"enya." témbal Tika.

Teu kanyahoan, panon poé geus di luhureun sirah. Hawa geus kacida panasna. Pas diilikan jam bener waé geus jan 12 leuwih. Kuring buru-buru ménta idin heula ka lanceuk tingkat yén kuring rék balik tiheula. Padahal mah érék ka sakola heula papanggih jeung baturan és-ém-a.

Kuring buru-buru lumpat ka parkiran motor. Cetrékeun koncina. Di starter. Ngéng wéh motor disada. Motor tuluy ditumpakan. Beng wéh indit ka sakola SMA. Di jalan kuring mah ngajalankeunna rada nyantai. Iwal, lamun keur kabelet hayang kiih atawa hayang miceun tah kuring ngajalankeunana bisa 80km/jam. Kusabab embung "meninggalkan noda di celana" téa. Hehehe

Salila 50 menit kurang leuwih, kuring geus nepi di sakola SMA. Motor kuring diparkirkeun di deukeut kelas 10.8 baheula. Mimiti nincak ka éta sakola asa aya nu béda kitu hawa téh. Jadi kababawa jeung kainget deui jaman-jaman keur SMA baheula. Sanajan can sataun-sataun acan kuring ninggalkeun éta sakola, nanging rasa kangen mah moal bisa dileungitkeun. Hayang mah mah mulang deui ka éta jaman.

Kuring ngonci ganda heula motor kuring. Sabab "utamakan selamat" keur motor kuring. Maklum wéh da kuring kakara nganjuk motor hehehe. Mun ilang kan lebar da can punah téa hahaha. Kuring ningali hapé heula bisi aya sms ti Tika atawa Nia. Bener wéh sms ngaburudul kawas bulu kélék nu kakara dikurud. Kuring mukaan sms hiji-hiji. Pas ditinggali, eusina ngan "dimana ?" "dimana?" "dimana?". Asa lagu Ayu Ting-ting ningali sms kitu mah. Kuring buru-buru wéh males sms Nia.

"Ni, aya dimana ?" ceuk kuring di sms.
"UKS dit." témbal Nia na sms

Geus apal si Nia ayana dimana ayeuna, kuring langsung leumpang ka UKS. Tempatna deukeut ruang guru. Kuring leumpang sorangan. Disidik-sidik mah sakola téh meuni sepi. Naha émang keur lalibuer atawa aya acara ? kuring beuweung ningali kaayaan sakola. Pikir kuring mah ah émang keur lalibur wéh meureun. Kuring nuluykeun leumpang ka UKS. Di panto UKS kuring cicing heula. Diuk di hareupeun lawang UKS. Pédah wéh di jero UKSna aya sora jalma keur ngarobrol. Kadéngéna mah siga sora Nia jeung Hafiz. Ah kuring nyantéy heula wéh di luar sabari nempo kaayaan sakola.Kuring ngahaja nga-sms si Nia.

"Ni, kaluar lah" ceuk kuring na sms.

Jetrék wéh sora panto di jero UKS muka. Nia kaluar di UKS.

"bukannya masuk ih."
"embung ah."

Kuring tuluy asup ka jero UKS. Pas asup kuring nempo aya Hafiz jeung Cici keur diuk di kasur UKS. Kuring gék diuk wéh di korsi. Barang kuring asup kuring geus ditawaran nongton "cheers" deui ku si Hafiz. Pédah pas keur itu kuring geus diajak nongton "cheers" ku manéhna. Jeung deuih kuring ménta mun aya acara "cheers" deui urang nongton. Kuring datang ngos-ngosan da capé tru hareudang. Jaba can sasarap ti isuk. Aduh meuni katalangsara pisan pokona mah. Kuring tuluy nyarita anu basa kuring nabrak motor bari dahar sangu nu dibekel ti imah keur latian pagelaran niatna mah. Bakating ku lapar éta sangu sakerejep béakna. Nanging rada kaselek ogé sabab daharna asa diudag waktu téa. Untung Cici mawa cai nginum. Leguk wéh kuring nginum éta cai. Ah rada seubeuh ogé ayeuna mah.

"dadah anés." sora Tika di luar.
"dadah semuanya. Eh ada abay." ceuk Agnés di lawang panto UKS
"éh nés. Makan ?"
"engga sok lanjut."
"Adiiiiit ih teu ngabales sms." ambek Tika
"da abina keur di jalan tikok."
"Mau engga ih ? sekarang."
"kamana téa ?" 
"ka rumah Cici."

Kuring kakara nyadar yén kuring di sms si Tika rék ngajak ka imah si Cici. Kuring mah sapuk waé rék ulin kamana waé gé. Da niatna mah datang ka sakola téh rék ngabadamikeun keur kémping engké. Nanging, Tika hayang di imah Cici sakalian silaturahim jeung kulawarga Cici sabab da geus lila hayang papanggih jeung Ummina Cici. Kabéhanana geus sarapuk tinggal nungguan jawapan ti kuring.

"Oh hayu waé. Sakalian rék ngabahas kémping téa." 

Kabéh geus sapuk rék nganjang ka imah Cici. Kuring jeung si Hafiz mawa motor heula di parkiran. Bangbaluhna ngan aya hiji, nu mawa motor téh ngan 2 urang nanging, jelemana aya 5 urang. Otomatis saurang bakal teu kabawa. Da sugan kuring mah Cici rék diboncéng jeung kabogohna. Jadi wéh kuring ngaboncéng tiluan. Si Cici jeung Tika diboncéng ku kuring. Si Nia jeung si Hafiz duaan. Tadina mah sugan téh Cici rék jeung si Hafiz, nanging sabab motor kuring leuwih anyar, tur lega jadi wéh jeung kuring. Da hawatos pangpangna mah bilih runtuh numpaka tiluan motor Hafiz mah da mun dianalogikeun mah siga "karung béas" hehehehe.

Sajajalan kuring, Cici jeung Tika ngarlalobrol jeung gogonjakan dina motor. Ramé pisan pokona mah. Saleuseurian, ngobrolkein ieu, ngobrolkeun itu, ngagulyur wéh lir cai dina kran nu poho can ditutupan. Bakating ku tara papanggih sabab awis tepang téa jadina ramé pisan wéh ngalalobrol. Nya istilahna mah kangen-kangenan lah geus lila tara papanggih ieuh. Teu karasa geningan geus téréh nepi deui ka imah Cici téh. Puguh waé ayeuna mah teu lila-lila teuing da sabab aya jalan anyar téa liwat Komplek TKI jadi leuwih gancang nepi ka imahna. 

Imah Cici di daérah Soréang, Kabupatén Bandung. Nya lumayan deukeut lah jeung Stadion Si Jalak Harupat. ngan sabaraha kilométér meureun. Geus nepi kuring markirkeun motor di gigireun imahna. Pagigir-gigir jeung motor Hafiz. Asup wéh kajero imahna liwat jalan tukang. borojolna di deukeut musola. Langsung salam heula ka emana Cici nu nuju tuang di pawon. Sanggeus kitu tuluy ka gazébo deukeut balong gigir imahna. Rada reureuh heula di éta gazébo téh sabab capé wéh hayang istirahat heula. Torojol wéh Ummi Cici di lawang. Buru-buru wéh kabéh salam ka Ummi. 

Cici mawa suguhaneun keur arurang. Aya sabangsaning kurupuk, jeung réa-réa deui. Bari barang dahar bari ngarobrol.

"sok atuh rék kémping dimana ieu téh ?" Nia ngamimitian.
"teuing teu apal." ceuk kuring.
"di Lémbang wéh yu ?" témbal Cici.
"mending di Ciwidéy téh." waler Hafiz.
"éh tapi bosén nya mun di Lémbang mah."
"jeung deuih tiris ah di Lémbang mah."
"enya atuh da di gunung."
"naha émang Ciwidéy teu tiris ?"
"leuwih tiris Ciwidéy atuh dari pada Lémbang mah."
"ih urang mah teu kuat tirisna mun ka Lémbang mah."

Kabéhanana méré sawangan séwang-séwangan. Aya nu leuwih tiris di Lémbang. Aya nu leuwih tiris di Ciwidéy. Padahal mah dua témpat éta mah sarua tiris da di gunung téa. keur ngeunah-ngeunahna ngalobrol, kuring mah pan gancang bosenan jadina kuring nginjeum léptopna Nia. Kuring hayang ol (online) hungkul. Haliwir angin nepi ka sorénakeun teu karasa geus wanci tunggang gunung deui. geus waktuna solat asar heula. Anu sarolat pit awéwé heula, tuluy kuring jeung Hafiz. Pas kuring geus bérés solat, grup awéwé keur popotoan na léptop Si Nia. Nya kuring nu asalna jaim téa langsung waé ngiluan dipoto. 


Teu karasa geningan poto téh geus loba. Aya kurang leuwih 57 poto. Langsung waé ku kuring di aplod ka pésbuk. Geus 2 kali gagal da hésé téa mah, teu konék téa mah, ah aya-aya waé bangbaluhna téh. Tapi ahirna mah ka aplod ogé kabéh. Basa keur di aplod ka pésbuk, Cici geus nyadiakeun sangun jeung deungeun-deungeunna. Aduh meuni apalan kuring geus kacida laparna. Ngan harita mah da kuring rada jaim kénéh jadi wéh pura-pura nolak téa padahal mah hayang pangheulana. Hah.

Kuring sabenerna rada kuciwa ogé sih pas dahar. Batur dalahar lauk ari kuring teu noél-noél acan. Puguh waé da kuring mah teu beuki sabangsaning lauk-laukan kitu. Hanyir jeung ah geuleuh wéh. Jadi menurunkan napsu makan ceuk basa gaulna mah. Tapi nikmat lah sakieu mah da bakating ku lapar téa jadi teu rada dipermasalahkeun. Nu penting mah dahar. Nya teu ?

Wanci geus sariak layung. Kabéh masih baretah kénéh hareureuy di imah Cici. Matak tiis jeung santéy wéh mun aya didinya. Komo mun bari bobogohan mah hahaha betah wéh jigana moal balik-balik matak pikahariwangeun batur. Nu jadi masalahna téh éta tempat jang kémping téa can aya kasapukan. Boh tanggal prungna, boh tempatna ogé. Barudak harayang ngarilu kabéh tah éta nu matak jadi lieur nangtukeun tanggal prungna.

Kuring isuk geus boga jangji jeung baturan kampus rék ka Braga rék ka paméran buku. Nia ogé rék aya gempungan di kampus. Cici ngajakan Hafiz ka punclut isuk-isuk. Nu hadéna mah éta jangji kabéhanana batal. Jangji kuring, jangji Nia kabéhanana dibatalkeun. Sabab aya nu nyeletuk mending isukan mah urang ka Situ Paténggang wéh di Ciwidéy.

"ah entong isukan atuh, abi ék ka Braga." ceuk kuring
"Nia ogé rék ka kampus." tambah Nia
"kumaha atuh Nia, rék ngilu moal ?"  
"mun Adit mau dibatalin, Nia juga mau dibatalin."
"nyageus atuh urang batalkeun waé"

Nu ku urang teu abis pikr mah, naha lamun rencana dadakan mah sok jadi waé. Sugan wéh atuh piraméeun.

"ajak Si Joe, Mpit, Ocim." ceuk Tika

Kabéhanana geus sarapuk rék ka Situ Paténggang. Asalna mah rék ka kawah putih. Nanging, waragad nu teu nyekapan nu jadina maksa urang kudu ka Paténggang. Sabab waktuna geus asup ka solat magrib jadi saacan mulang rék sarolat heula. Sanggeus kitu jangjian rék kumpul jam sabaraha kadieu deui. Cenahna mah jam 6 pan tapi jadina mah jam 8 an. Kuring, Hafiz, Nia jeung Tika rék marulang ka alamna séwang-séwangan. Kuring balik nganteurkeun Tika heula. Tuluy nganteurkeun Nia teu jauh ti imah Tika. Sanggeus kitu balik bareng jeung Si Hafiz. Tapi di jalan Kopo sabab rada macét kuring katinggaleun ku Si Hafiz. Kuring nepi ka imah jam 7an leuwih. Untungna téh kuring teu ditanya nanaon. Ilaharna mah kuring sok ditanyaan "tos timana waé atuh?" nanging ayeuna mah henteu da kuring pas di imahna Cici geus ngasms heula ka Si Hanny dulur kuring. Kuring istirahat tinggal nungguan wéh poé isuk bakalan jadi atawa henteuna indit ka Situ Paténggang.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bottom Ad [Post Page]

| Designed by Colorlib