Full width home advertisement

Travelling

Sajak Sunda

Post Page Advertisement [Top]

Alhamdulillah, teu karaos gening sim kuring tos kuliah nincak 3 bulan. Ospék-ospékna ogé atos dilakonan salila 2 bulan kamari. Capé, beurat, nyeuri haté, rempegna, ah pokona mah sagalana karasakeun lah salila kuliah di UPI (Universitas Pendidikan Indonesia) téh. Mitra Sunda 2011 éta ngaran ospék ti jurusan pendidikan bahasa daérah UPI-Bandung. Salila 2 bulan éta sim kuring diajarkeun kumaha jadi jalma nu kritis, wantéran, siap narima risiko, panceg kana pamadeganana, jeung réa-réa deui. Teu ngan éta hungkul, tapi urang ogé diajarkeun kumaha sih ai duduluran téh ? nu silih asah, silih asih, silih asuh ? kawas dina filsafat sunda. Aya 3 (opat) acara penting dina runtuyan acara Mitra Sunda ieu téh. Nu kahiji, aya WAWANOHAN. Nya éta acara penting kahiji nu miboga tujuan pikeun silih wanoh. Boh ka saentaraganana, boh ka lanceuk tingkat, ka dosén, jeung warga HIMA. NU kadua aya LDKM. Nya éta singgetan tina (Latihan Dasar Kepemimpinan Mahasiswa). Didinya urang diajarkeun kumaha kagiatan sidang paripurna (jiga rapat DPR/MPR) anu miboga tujuan sangkan urang bisa kritis kana hiji masalah jeung panceg kana pamadegan. Tah éta dina LDKM. Nu katilu ya SABAREUMA. Tah ieu mangrupakeun acara nu pamungkas tina sakabéh runtuyan acara Mitra Sunda téa. Didinya urang diajarkeun sangkan urang bisa bertahan hidup di reuma/leuweung (hutan belantara). Salian ti éta urang kudu wantér, kritis, sigep, disiplin anu penting na mah. Kapamimpinan di Sabareuma ieu bakal leuwih ditekenkeun sangkan urang bisa disiplin téa. Sabareuma dipungkas ku pengukuhan jadi anggota HIMA PENSATRADA. Tah éta panginten carita ti sim kuring ngeunaan ngawitan kuliah di paguron luhur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bottom Ad [Post Page]

| Designed by Colorlib