Full width home advertisement

Travelling

Sajak Sunda

Post Page Advertisement [Top]


Ayana rékoméndasi ngeunaan ditetepkeunna ping 21 Pébruari minangka poé dipiélingna Basa Indung Internasional ku UNESCO. Ieu rékoméndasi téh minangka tarékah UNESCO pikeun nangtayungan (ngajaga) basa-basa indung, basa minoritas anu aya di sakuliah alam dunya, anu cenah némbongkeun tanda-tanda bakal tumpur atawa leungit tina peta basa.

Kitu deui basa sunda, dina hakékatna mah minangka salasahiji basa indung tur bagian tina basa-basa minoritas séjénna anu sarua kudu ditangtayungan (dijaga). Basa sunda anu jumlah panyaturna kadua pangréana si Indonésia, sanggeus Basa Jawa, ayeuna geus mimiti némbongkeun galagat bakal tumpur . Ninggang kana paribasa "hirup teu neut, paéh teu hos".


Paribasa di luhur loyog pisan saupama dilarapkeun pikeun ngagambarkeun kondisi basa sunda ayeuna. Ieu anggapan téh didumasarkeun kana fakta-fakta dimana éksisténsi basa sunda alam ayeuna geus mimiti pikahariwangeun. Réa urang (baca: masarakat) sunda ayeuna anu geus jarang nyarita ku basa sunda dina kahirupan sapopoéna. Rupa-rupa alesanna mah aya nu lantaran éra, sieun salah, géngsi, ngarasa teu gaul, kuulen, jrrd.


Mémang kaayaan ieu teu dintepkeun. Aya tarékah ti para inohong sunda nu mancén di lembaga pamaréntah. Salasahijina nyaéta, ayana payung hukum nu nangtayungan ngeunaan ngariksa basa, budaya, jeung aksara daérah, nu bungkeuleukanna mangrupa Perda Jbar nomer 5 taun 2003 ieu ogé nu ngajadikeun ayana atanapi diwajibkeunna pangajaran basa sunda di unggal sakola nu aya di wilayah Jawa Barat, ti mimiti SD nepi ka SMA. Malihan mah ti TK taun ayeuna mah (dumasar kana rékoméndasi Kongrés Basa Sunda).

Saupama ningal kondisi di luhur, tangtu jadi tanggungjawab urang minangka mahasiswa, nu boga tugas salaku agen perubahan. Geus sakuduna ngarobah paradigma éta. Angol mun urang ngeunteung diri sorangan, salaku mahasiswa nu sapopoéna diajarf basa sunda sigana geus teu kudu diélingan deui. Dina harti urang geus kudu papada sadar kana tanggung jawabna, sangkan basa indung (dina hal ieu basa sunda) tetep dipaké ku masarakat sunda ayeuna , kitu deui ku siswa-siswi nu ayeuna geus mimiti poho kana basa indungna.

Dina prakna poé basa indung internasional, sakumna Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah - UPI Bandung seja ngayakeun helaran di sakuliah Kampus UPI jeung Kota Bandung. Helaran ieu miboga tujuan pikeun ngumajak ka sakumna mahasiswa di kampus UPI jeung warga Bandung pikeun maké deui basa sundana dina kahirupan sapopoé sangkan bisa walagri deui.



Helaran di sakuliah kampus dilaksanakeun dina ping 16 Pébruari 2012.Rutena nyaéta ti FPBS - SMA Lab School UPI, Lingkungan Lab School UPI, FPMIPA, Perpustakan / FIP, Pentagon.

Helaran nu kadua dilaksanakeun ping 21 Pébruari 2012. Rutena ti Jl. Purnawarman, Jl. Merdéka (BIP), Jl. Acéh, Jl. Riau, Jl. Banda, Jl. Diponegoro (Gd. Saté)

Ieu mangrupa tarékah ti mahasiswa jurusan pendidikan basa sunda sangkan basa sunda teu katalangsa. Mahasiswa ieu gé miboga tungtutan ka pamaréntah salasahijina diayakeun hiji poé dimana urang kudu nyarita maké basa sunda di luingkungan pamaréntah jeung lingkungan atikan. Mugia ieu diréalisasikeun sangkan Ki Sunda teu paéh ku kamajuan jaman.

*Disaring ti sawatara sumber

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bottom Ad [Post Page]

| Designed by Colorlib